SALEMPAY SUTRA

Salempay sutra disulam jeung dikarawang
Tawis soca ti jungjunan duh ti jungjunan
Salempay sutra disulam mangrupa kembang
Tawis asih ti kakasih duh ti kakasih

Ngraketkeun hubungan batin duaan
Mupus waswas jeung cangcaya
Dijuruna disulam ngaran singgetan
Ngaran kuring jeung manehna

Salempay sutra disulam jeung dikarawang
Tawis tijungjunan duh ti jungjunan
Hiji tawis soca duh salempay sutra
Jadi jimat pangreugreug ati
Disulam karawang duh salempay sutra
Geuning ngidem harepan
0 Komentar untuk "SALEMPAY SUTRA"

 
Copyright © 2014 Song Lyrics Rzep - All Rights Reserved
Template By Catatan Info